Kamis, 10 Februari 2011

Palanggeran miluan pasanggiri tarucing cakra


KATANGTUAN PASANGGIRI

1. Nu miluan nyaéta pelajar SMA/K jeung umum
2. Sakur pamilon kudu daptar heula ka panitia ku cara ngeusian formulir langsung. Formulir disadiakeun di Balé Rumawat Jln. Dipatiukur no. 35 Bandung
atanapi daptar ngalangkungan http://tarcak.unpad.ac.id
3. Pendaptaran ditutup ping 20 Pébruari 2011
4. Unggal pamilon kudu mawa laptop sewang-sewangan tur bisa ngagunakeunana. Sarta laptopna kedah support Wi-Fi (program browser internét, upamana internét Explorér atawa Mozilla Firefox jsb)
5. Pamilon dipahing mawa batur jeung Hp dina waktu ngeusian (kudu sorangan)
6. Saupama aya pamilon nu teu datang atawa elat, ku panitia dianggap bedo, sarta éta pamilon diganti ku pamilon cadangan
7. Waktu pikeun ngeusian tarucing cakra ditangtukeun ku panitia
8. Pinunjul baris dicokot tinu pangbenerna jeung panggancangna ngeusian tarucing cakra.
9. Khusus pamilon SMA/K wajib nyérénkeun fotocopy kartu pelajar
10. Hadiah pikeun pinunjul kahiji nyaéta iPad, pinunjul kadua notebook, pinunjul katilu Blackberry, pinunjul kaopat camera digital, pinunjul kalima Handphone Flexi, sarta pinunjul ka genep USB

TATACARA MEUNTEUN PINUNJUL
Mun pasanggiri geus dimimitian, sistem komputer baris ngitung waktu unggal pamilon ti mimiti prung nepi ka lekasan. Itunganana milidetik (diitung ti mimiti log in)
Sakur kotak nu kudu dieusian dibéré peunteun 5 poin. Upamana jumlah kotakna 100 siki, peunteun nu panggedéna téh 500 (mun bener kabéh)
Keur nangtukeun pinunjul, sistem komputer baris néangan pamilon nu peunteunna 500, upama aya sababaraha pamilon nu peunteunna sarua, baris ditéangan jumlah waktu nu panggancangna
Hasil tina pasanggiri baris diumumkeun dina acara Aki-Nini Maca Sajak, dina poé harita kénéh.

FORMULIR ONLINE TIASA DI DOWNLOAD DI